Jumat, 01 September 2017

* SATOPLÉS KACANG HÉJO *

"Éling-éling umat, muslimin muslimat hayu urang
berjama'ah solat dzuhur éstu kawajiban urang
keur didunya kanggo pibekeleun urang jaga di
aherat......"
Méni nengtréwélang sora budak nu keur pupujian di musolah, ngahudang panineungan Aki Atma nu keur diuk ngahurun balung bari melenyun ngaroko dun kawung.
Ret ka si Nini nu keur ngabulaeh nyisig. Jol
gabrug wae Aki Atma nyuuh kana lahunan si Nini.
Ngagukguk ceurik inget kana dosa bisi kabawa
maot can dirumasakeun.
"Nini.....hampura aki, paralun ma'lum anu
disuhun wening galih anu di pamrih hampura anu diteda, rék disiksik dikunyit-kunyi rék dicacag diwalang-walang, keun waé Nini, Aki kacida rido..."
"Aki....kunaon ari Aki....?" ceuk si Nini bari
ngabulaeh.
"Hampura Akiteh keur baheula keur usaha
nyanyabaan udar-ider ka ubggal lembur, kungsi
mangnyéléwéngkeun ka Nini tilu kali....."
"Baruuuk.....kungsi mangnyéléwéngkeun nya ka
Nini ?" ceuk si Nini kerung
"Enya akiteh rumasa...."
"Sabaraha kali....?"
"Tilu kali, ka randa sakali, ka randa anak tilu
sakali, ka randa anak tujuh sakali, tuluy ka randa
anak lima sakali, ka Nini-nini sakali, ka randa nu
teu boga anak sakali...."
"Hooooorrr.....atuh leuwih ti tilu kali tamah siah
Aki..." ceuk si Nini molotot
"Enya da di itung-itungteh tilu kali...." ceuk si Aki
bari mités-mitéskeun ramo.
"Dasar Aki-aki pikun, tujuh kali ngakuna tilu kali"
ceuk si Nini kukulutus bari ngalungkeun sisig
kana jandela.
"Hampura Akiteh Nini hampura...."
"Hmmmm.....Aki..." ceuk si Nini bari ngaléngis.
"Keun bae Aki dihampura ku Nini bisi kabawa
maot, sukur atuh ari ngakumah...urang silih
hampura..." ceuk si Nini ngarandeg.
Pok si Nini nyarita deui semu beurat.
"Da Nini ge baheula basa ditinggalkeun ku Aki
usaha téh kungsi mangnyéléwéngkeun...." ceuk si
Nini dumareuda.
Si Aki nu keur nyu'uh dina lahuna si Nini
ngagurubug tuluy cengkat bari olohok.
"Harrrr....nya kungsi nya manéh Nini
mangnyéléwéngkeun ka Aki baheula...?"
"Lain kungsi deui Aki mindeeeeeeeeeeeng Aki,
mindeeeeeng..."
"Hoorrrr sabaraha kali ?"
"Teuing.....da unggal tas kitu jeung baturteh sok
nyimpen ciri, hiji kacang héjo na toplés" ceuk si
Nini.
"Jadi lamun tas kituteh cirina kacang hejo hiji?
ceuk si Aki panasaran.
"Nya, jadi lamun hayang apal sababaraha kali
namah tingali wé na toplés."
"Cing atuh bawa toplésna kadieu." tembal si Aki
beuki panasaran.
Leos si Nini ka kamar rék nyokot toplés, teu lila
kurumuy bari mawa toplés anu pinuh ku kacang
héjo. "Astagfirulaaahh Nini....étamah atuh aya
ratusna, malahanmah rébuan boa...." ceuk si Aki
bari peupeureudeuyan.
Pok si Nini nyarita deui "Tah Aki étateh sésa
ngabubur."
Rumpuyuk si Aki kapiuhan.

# Ngacapruk
# KangToto
Diropea tina bobodoran si Cepot/Asep Sunandar

Tidak ada komentar: