Sabtu, 26 Agustus 2017

SANÉS CURUK

Di lembur Cipicung mah geus teu bireuk deui, geus
jadi sabiwir hiji. Samalah sawaréh mah aya nu
nyarebut yén Bi Ici téh Si Paraji Sakti, tukang
ngubaran rupa-rupa panyakit katut kanyeri. Tuda
jeung enyana, saciduh metu saucap nyata téh lain
ngan saukur ceuk béja, geus loba anu kungsi
ngalaman diubaran ku manéhna. Hasilna kawilang
nyugemakeun. Mun poé ayeuna dijampé, isukna teu
sakara-kara jagjag belejag deui téh lain bobohongan.
Teu kaitung, teuing geus sabaraha puluh jalma nu ku
manéhna ditulungan, da éta wé, teu sirik unggal usik,
beurang peuting gé imahna padangajugjug ku anu rék
ngadon tatamba.
Siga basa peuting harita. Kira wanci sareureuh
budak, di imah Bi Ici geus nyampak Jang Kono nu
keur pupuringisan bangun nahan kanyeri, pedah éta
curukna nu ampir sapat, alatan kakeureut ku arit,
keur diurutan, cénah ngahaja, sangkan getih
wuwunganana ka luar bisi jadi inpéksi.
"Sok ayeuna mah Sujang, anclomkeun curukna!"
pokna bari ngasongkeun batok nu di eusi cai ka
hareupeun Kono.
"Mangga Bi", tembalna pondok.
Acan gé clom kana batok, pes cempor ujug-ujug
pareum. Mokaha di jero imah téh jadi poék
meredong. Puguh wé leungeun Kono jadi uyup-ayap
ka ditu ka dieu, teu puguh cabak. Sakedapan mah
duaanana patingbaretem taya nu nyoara, nu
kareungeu ukur tingrarekétna palupuh katincak. Teu
kungsi lila, kadéngé Bi Icih cumarita. "Naha Sujang,
curuk téh bet jadi asup ka dieu...?"
"Naha kitu Bi?" ceuk Kono semu anu bingung.
"Enya..., pan kuduna gé kana batok, lain diasupkeun
ka nu kami...!"
"Wios Bi, da sami ieu gé sanés curuk." Jep
maranéhanana jarempé.
Cag!
# SCS_Dongéng_Alé .

Carpon: Kang Agoes Bule
Sumber: FansPageFB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

Tidak ada komentar: