Minggu, 27 Agustus 2017

KEMBANG

Amparan umyang konéng sawah pibuateun.
Ditungguan rajeg bebegig, nyingsieunan manuk.
Teuing usum panén nu kasabaraha kalina, ti
saprak manéhna pamitan. Geus teu hayang
ngitung. Ukur nambahan bangbaluh.
Nguniang cengkat, kaluar ti saung. Mapay
galengan ngurilingan kotakan sawah. Ngebahan
manuk nu bandel aleuntreup macokan paré. Bet
jiga manéhna, bandel. Teu daék ingkah tina
pikiran. Teu weléh napel dina ingetan. Ngajadi
hunyudan kasono, bingung kamana
malidkeunana.
Béngras wiru wiati, dihias ku méga bodas
sahéaban. Hiliwir angin nebak tangkal jajagoan.
Ngoyagkeun bebegig, lir keur ngigel dina wirahma
kokoprak, nu sarua disada saban katebak angin.
Kitu pisan kuring gé, pikir kausap panineungan,
ngageterkeun haté, ngajak kumalayang ngambah
mangpirang gurat panineungan. Nya manéhna nu
jadi musababna.
Bosen leuleumpangan, ngoréléng maksud rék balik
deui ka saung. Karérét nyéngcélak kembang sisi
gawir. Dipetik, di angseu bari ngajugjug ka saung.
Gék diuk, nyawang deui umyang pasawahan.
"Néng..." gebeg, asa loma sorana. dilieuk.
Kembang nu dipetik ti sisi gawir ngadadak mekar
tambah éndah, seungitna malahung kabawa
angin.
# SCS_FIKMIN_NV

Fikmin: Neng Via
Sumber: Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

Tidak ada komentar: