Rabu, 23 Agustus 2017

CIPANON NU ELAT

Jafar anteng ngajanteng hareupeun eunteung lomari, panonna museur kana hiji potrèt anu dicepengna nu taya lian potrèt manéhna nu keur ngarèndèng jeung Syifa nalika keur diwalimahan. Aya alum anu kagambar dina romanna, saban ningali ètaa potrét. Sab dina èta potrèt tèh sidik roman Syifa anu barintit kawas-kawas anu tas ceurik, taya bérag nu kagambar. ‘’Mun seug kuring surti kana rupa hal kajadian nu pinuh ku pananya harita, moal enya kuring nuluykeun ieu lalampahan.’’ Teu kaampeuh nu ngaberebey dina juru panonna, anu tuluy ngeclak kana éta potrét.
Jafar diuk dina juru risbang. Bari angger neuteup potret, lamunanna nyoréang kana mangsa nu kungsi kasorang.
‘’Atos heula nya, geura kulem tos wengi! ènjing disambung deui.’’ Eusi SMS dina HP Syifa ka hiji nomer. ‘’ nya sami wè,komo abdi sakieu nyeri jeung kasiksana hirup nandangan tunggara kedah tebih ti salira, jungjunan.’’ Eusi SMS nu séjénna. ‘’Ayeuna mah sing ikhlas wé! Sing yakin, sanaos raga urang paanggang tapi haté tur émutan Akang salamina nyarengan salira.’’ Eusi SMS panungtung. Tuluy Jafar mukaan SMS nu katampa ku èta HP, nu taya lian SMS kiriman ti no nu tadi.
‘’duka kedah kumaha Akang mapalèrkeun ieu hatè anu sakieu gudawangna terang salira baris jadi bojona pameget lian ti Akang.’’ Eusi SMS ti èta nomber. Tuluy Jafar mukaan nu sèjènna. ‘’raraosan tèh hayang ambek-ambekan wè sadidintenna tèh, duh nasib diri.’’ SMSna. ‘’ Kamari-kamari tug dugi ayeuna ukur kieu jeung kieu nu karandapan ku Akang tèh, tuang teu raos, kulem ogè sesah pisan badè reup.’’ Eusi SMS nu pang luhurna ti èta nomber.
Jafar ngarènghap siga nu beurat bari peureum neuteup lalangit kamer. Ras inget deui mangsa peutingan munggaran satasna diwalimahan, nu mana harita kudu mèakkeun peuting bari dibarengan ku nu nonggongan. Kungsi hiji waktu anjeunna nalèk nu jadi pamajikanna, ku lobana sikep Syifa anu teu kaharti. Minangka Jafar meunang panolih ti Syifa tèh geus dua bulan umur rumah tanggana. Ti harita mah saeutik-saeutik Syifa sok rajeun madep ka nu jadi salaki. Kitu ogè sanggeusna Jafar aya niat mungkas tali laki rabina. Ngan harita mah Syifa nu merod. Nya ti harita mimiti daèk ngawula.
Bari sok, neundeun èta potrèt kana laci lomari urutna, rasJafar inget ka wanoja nu dina mangsa harita ngarepkeun pisan dipihukum ku anjeunna. Aya rasa hayang nyuuh dina lahunan èta wanoja pikeun mènta dihampura. Tapi kiwari sagalana geus elat.
Sora orokna anu ngèar harita sasat megatan lèngkah Jafar pikeun ngejat tina èta kaayaan.
# SCS_CARPON
KU: Ravy Rasmita

Carpon: Kang Ravy Rasmita
Sumber: FansPage FB_Saung Carita Sunda
Illustrasi gambar: Google

Tidak ada komentar: